Global Variables

Senin, 05 Maret 2012

Lirik Lagu Dewi Azkya - Kagoda

· 0 komentar

Dewi Azkya - Kagoda

Kang abdi kagoda abdi kabandang ku diri engkang
kang panutan abdi nu lawas ilang datang nembongan
kang atuh dmana taya wartosna batin nalangsa
kang geura tos sumping abdi teu sabar lami ngantosan

aduh engkang nu kantos teupang 
beut kapicancang ka bayang-bayang
tali hareupan urang dua an
cing lana manjang

#REFF#

aduhh engkang siang wengi emut bae
mun wengi sering ka impi 
bray siang ngabarungsingan

duuuh aduh engkang 
iraha rek teupang deui
iraha rek ngobrol deui 
mun abdi kangen ka engkang

engkang teh pucuk hareupan 
kembang impian tembus ka jantung 
ka tresna ka cinta 

kang atuh dimana taya wartosna batin nalangsa
kang geura tos sumping abdi teu sabar lami ngantosan

Sabtu, 03 Maret 2012

Rika rafika – Ronggeng Imut

· 0 komentar
Nyi ronggeng imutna matak kayungyun
geulis campernik…
rengkak paripolahna…
ngengklak ku tepak kendang luhur panggung



Di gual geol gitekna di sunggal senggol
goyang di goyang
kataji imut nyi ronggeng



Imut ronggeng imut kabengbatan
mentang daya tarik keur bajidor
imut bentang panggung katalimbeung
teteup sekeut kameumeut nu narongton





haaaaaaaaaaaa...........haaaaaaaaaaaaa....2x
#uihan deui ka luhur :) .

Saukur Ngimpi Lirik

· 0 komentar

Saprak anjeun ngaleos
Ngabeubeutkeun duriat 
Hirup asa nunggelis hate mararingis 
Saprak anjeun ninggalkeun 
Ngararajet cinta urang 
Pikiran baluweng pinuh ku emutan

Sagala rasa kabawa anjeun 
Saparo rasa ngilu ka anjeun 
Nikmatna hirup leungit teu nyesa 
Teuing kamana…. 
Letah teu mirasa sagala karasa pait 
Sare gulang guling hese peureum



Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi 
Anu ngageuingkeun urang 
Tina kasombongan diri 
Kahayang mah waktu teh ngulang deui

Sabulan anu katukang 
Basa silih keukeupan 
Ngahelas kaleungitan 
Ngorejat seseblakan

Lieuk euweuh lieuk euweuh 
Ngagugulung lamunan 
Ngarep-ngarep sakur ngimpi 
Ngarep-ngarep anjeun datang 
Tiap detik ngan tatanya 
Dimana anjeun

Letah teu mirasa sagala karasa pait 
Sare gulang guling hese peureum

handapeunpost